Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!
Saur Prabu Siliwangi ka
balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang, “Lalakon urang
ngan nepi ka poé ieu najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi
ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak,
ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih pikeun hirup ka hareupna supaya
engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui
Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu
ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! Ngaing moal ngahalang-halang
sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi raja anu somah sakabéhna, lapar
baé jeung balangsak.”
Daréngékeun! Nu dék tetep
ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui
ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék
kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka
saha-saha, geura misah ka beulah kulon!
Daréngékeun! Dia nu di
beulah wétan, masing nyaraho. Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia
nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho,
arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura
narindak!
Dia nu di beulah kulon!
Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi
panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu
nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun
tengah peuting, ti Gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta
tandana, saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah
sina talangké sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah
ngalieuk ka tukang!
Dia nu marisah ka beulah
kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur
tegal baladaheun. Turunan dia lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi
pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga bakal ka
seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun.
Sing waspada!
Sakabéh turunan dia ku
ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal
datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé
laku-lampahna. Mun ngaing dating, moal kadeuleu. Mun ngaing nyarita,
moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancagé
haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu
sajati, jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing
dating, teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti mimiti
poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit
nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu
mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga
bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa,
ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing
pang pinterna. Mudu arédan heula.
Engké bakal réa nu
kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja
Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka
panglarang, ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak
angon. Imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku
handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo, lain embé,
lain méong, lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon
ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun sabab acan
wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu
kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba
lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa
lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung
nitis, laju nitis dipinda sukma.
Daréngékeun! Nu kiwari
ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa tanah bugel sisi
Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal
jadi sampalan, sampalan kebo barulé nu diangon ku jalma jangkung nu
tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel
bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa sabab
murah jaman seubeuh hakan.
Ti dinya, waluku
ditumpakan kunyuk. Laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu
kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna.
Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba
nu hanteu engeuh yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara.
Panto nutup dibuburak ku nu ngaranteur pamuka jalan, tapi jalan nu
pasingsal!
Nu tutunjuk nyumput jauh;
alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur. Laju sampalan nu diranjah
monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab
kaburu warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku
monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku
monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu
niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut.
Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti
dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong sabari nyanyahoanan
maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon.
Laju hawar-hawar, ti
tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog.
Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Pangpring
sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan
urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh
musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu
pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah baringung; barudak
satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu.
Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng buana
urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipaléngpéng keuna
sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna
urang sabrang.
Laju ngadeg deui raja,
asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula jeung
biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hésé
apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon!
Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan
ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui
karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh
Pajajaran.
Laju aya deui raja, tapi
raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun
panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara
heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta
henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét
ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog
mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin
hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut
salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain
jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa
buahna; buah paré loba nu teu asup kana aseupan……………………….. Da bonganan,
nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter
loba teuing, ngan pinterna kabalinger.
Ti dinya datang budak
janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut,
ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu
diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu
areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan.
Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditéwak
diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur,
majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.
Sing waspada! Sabab engké
arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun
kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat.
Buta-buta nu baruta. Mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo
bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!
Jayana buta-buta, hanteu
pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada
ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal,
wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engké, mun geus témbong budak
angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi
sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu garelut, dikokolotan ku
budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang
loba. Nu boga hak marénta bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana
mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.
Nu garelut laju
rareureuh. Laju kakara arengeuh. Kabéh gé taya nu meunang bagian. Sabab
warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel gadéan. Buta-buta laju
nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna
nagara. Laju naréangan budak angon nu saungna di birit leuwi nu pantona
batu satangtung nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang.
Naréanganana budak tumbal. Sejana dék marénta tumbal. Tapi, budak angon
enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan. Geus
mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawéné!
Nu kasampak ngan kari
gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui,
tapi engké lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung.
Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat. Urang Sunda ngahampura.
Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa jaya, jaya deui
sabab ngadeg ratu adil. Ratu adil nu sajati.
Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!
Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!
Belum ada tanggapan untuk "Wangsit Siliwangi ( Bahasa Sunda )"
Post a Comment